Image1

Humor Sunda Awewe Curhat Ka Indungna

*(SURAT NENG KEUR ABAH JEUNG AMBU...)* HUMOR SUNDA

Pamajikan ngadu kakolotna make surat..ieu suratna.
Kahatur Abah & Ambu
di Lembur.
Assalamu'alakum Wr.Wr.
Abah sareng Ambu,
Teu suka Enéng mah hirup dikitu-kitu ku salaki, majar cenah mun geus kawin mah bakal dipikanya'ah, nyatana mana...???
Méré duit ku méréna keur balanja, tapi ari dahar masih ménta kénéh ka Enéng....!
Ongkoh dipangmeulikeun baju nu aralus ari rék saré tara meunang make baju, na teu sieuneun Enéng asup angin kitu....?
Waktuna saré karék ogé reup, geus ditindihan bari kawas Ucing ungas-ingus sagala dilétakan...., jigana têh ulah wéé... nempo pamajikan tibra saré téh.
Sok bayangkeun ku Abah & Ambu, mun kacugak ku Cucuk anu leutik waé, meni sakitu nyerina.... ieu mah Cucukna ogé leuwih gedé bari hayoh wé didedet-dedet..... duh nasib.....!
Ayeuna geus boga anak, nyatana kalah ka leuwih nya'ah ka anak....!
Ari ningali calana anak morosot, meni geuwat-geuwat diangsrodkeun kaluhur..... naha ari ka Enéng, sakitu calana Enéng geus bener, hayoh wéé.... diporosot-porosotkeun....!
Na nu kitu nu disebut nya'ah ka pamajikan téh....???
Anu pang-anéhna mah, salaki Enéng waktu keur orokna, jigana mah kurang nyusu ka indungna...., da nepi ka ayeuna terus wé ngenyotan waé susu Enéng.... karunya ka budak wé, sok tara kabagéan, bèakeun ku bapana.
Tah kitu Abah, Ambu kalakuan salaki Enéng téh, ngan Enéng sok tara loba gurah-geureuh wé ka salaki téh, bisi pundung....
Wassalam 😄😄😄)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Humor Sunda Awewe Curhat Ka Indungna"

Post a Comment