Image1

Ijtihad Ulama Teu Milih Urang Sunda, Urang Sunda kamarana? 73 tahun Merdeka Teu Kantos Ngawasa

Tangtos nu rumaos linggih ditataran sunda, tos teu bireuk deui kana lagu-lagu kang Doel Sumbang, anu tos kakoncara kamana-mana. Khasna lagu anjeuna sok ngangkat kaayaan di tataran sunda, sapertos lagu Pangandaran, sareng nu sanesna, kitu deui Lirik lagu nu judulna "Urang Sunda" cocok pisan sakumaha kondisi politik urang sunda dugi ka danget kiwari. Ieu lirik lagu lengkapna :

Urang Sunda Kamarana 
Urang Sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha

Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta

Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa

Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit

Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

Lirik lagu "urang sunda" sanes mung saukur lagu, namung ngepas pisan sareng kondisi urang sunda nu teu pernah muncul jadi pangawasa. 73 tahun dugi ka kiwari merdeka can aya nu jadi presiden atawa wakil presiden ti tatar sunda.  Matak wajar pami kang Doel Sumbang Naroskeun, :

Urang Sunda Kamarana 
Urang Sunda di marana

Padahal pami urang nitenan kana potensi jumlah rahayat Jawa Barat teh kaetang pang seeurna dibanding provinsi-provinsi sanes. Sareng urang oge gaduh sejarah seeur urang sunda nu palalinter sareng gaduh potensi ngelola nagara, sapertos ayeuna aya kang Aher.  Tapi  kunaon nya teu aya nu berjuang supados tiasa dicalonkeun ? Duka pami filosofi urang sunda anu sok handap asor "Mangga Ti Payun", janten wae dugi ka danget kiwari, ti pengker wae.

Ijtihad Para Ulama saurna teu milih calon presiden atanapi calon wakil presiden ti tatar sunda... Pami kitu salaku urang sunda pribados mah hanjelu pisan.... margi ieu teh buktos yen nu sanes teh teu aya nu percantenen ka urang sunda kanggo ngelola nagara. Cek kasarna mah urang sunda mah teu diperhetangkeun.... 

Henteu urang sunda teh dianggap Si Kabayan sadayana mah? Ma enya nya...sareng da urang Sunda oge sok sanaos resep ka Si Kabayan, da disebat  Si Kabayan mah alim gening... ah... eta mah raraosan pribados wae panginten.... pedah kamari tos eleh pilgub ditambih-tambih ayeuna teu aya calon presiden ti Tatar Sunda... bilih aya nu benten mah wios da ieu mah mung sakadar curhat.

Si Kabayan ngan saukur dongeng hiburan rakyat, urang sunda henteu saperti si Kabayan, nu saur kang Doel Sumbangmah :

Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit

Tapi 
Urang Sunda seeur nu janten Sarjana
Urang Sunda seeur nu janten Pengusaha
Urang Sunda seeur nu janten Ulama
Urang Sunda seeur nu ageung Prestasina
Urang Sunda seeur rahayatna

Kedahna :
Urang Sunda bisa jadi penguasa, janten presiden atanapi wakil presiden kasebatna.
Saur kang Aher oge " Sabisa-bisa kudu bisa, urang Sunda Pasti Bisa"

Can waktosna panginten!!!
Iraha atuh? Naha kedah ngantosan 5 tahun, 10 tahun atanapi ratusan tahun deui... ah pami kitu mah atuh teu acan tangtos kaalaman ku sim kuring...

Urang sunda mah da salabar... teu weuleh susuganan, teu ayeuna nya isuk, teu isuk nya pageto....

Tapi pami memang teu aya pisan ti urang sunda, wios wae, nu pentingmah 2019GentosPresiden ulah ku si eta deui......iiiii... Mugia tinekanan.... cag...

Hapuntenna bilih seeur bahasa nu lepat, nyobian nyerat ku bahasa sunda, buktos pribados teh hoyong pisan aya calon penguasa ti urang sunda.... #Mugia tinekanan

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ijtihad Ulama Teu Milih Urang Sunda, Urang Sunda kamarana? 73 tahun Merdeka Teu Kantos Ngawasa"

Post a Comment